Wahana publikasi Sekolah Dasar Negeri Gintung Kecamatan Sukaraja Kabupaten Sukabumi Provinsi Jawa Barat 43192 Phone/Fax:(0266) 263 594 sdngintung@yahoo.co.id sdngintung@gmail.com

Thursday, August 17, 2017

DIRGAHAYU REPUBLIK INDONESIA KE 72

Assalamualaikum.wr.wb

Bapak kapala sakola anu ku simkuring dipikahormat, bapak/ibu guru anu dipikahormat sareng hadirin tamu uleman nu ku simkuring dipikahormat siswa siswi SDN Gintung anu ku simkuring dipikacinta.
Puji syukur urang sanggakeun ka Allah SWT anu geus ngalimpahkeun rahmat na ka urang sadaya jeung urang tiasa kumpul didieu dina kaayaan sehat walafiat.

Hadirin anu salinggih
Pikeun nyambut HUT kemerdekaan indonesia anu ka-72 pendidikan anu tos aya salama ieu, hayu urang tingkatkeun pelajaran anu leuwih bermutu sareng pangajaran atawa pangarahan ti guru anu propesional sarta pangarahan sareng perhatian ti orang tua.

Hadirin anu salinggih
Salain ti eta urang sadaya kudu inget ka para pajuan atawa pahlawan anu geus mempertaruhkeun jiwa ragana kanggo negara urang nyaeta negara  indonesia, sareng jasa-jasa guru anu geus ngabimbing urang, ngajarkeun urang sadaya pikeun urang tiasa jadi penerus bangsa anu alus atawa pikeun berguna ka bangsa jeung nagara.

Hadirin anu salinggih
Kirana teu kenging deui aya perpecahan sarta permusuhan, pembunuhan , sareng seueur deui kajadian anu sanesna. Mudah-mudahan jeung samangat ’45 urang ngabangun nagara ku sifat anu sayang-menyayangi, saling ngahormatkeun , tolong-menolong, pikeun terjalina kaharmonisan saperti nu urang harapkeun, pikeun jadi nagara anu sejahtera.
Ku kituna hayu urang sukseskeun pendidikan di SDN Gintung demi terwujudna kahirupan berbangsa nu makin maju, boga karakter, sareng berkeadilan.

Hadirin anu salinggih
Rupina cekap sakieu biantara ti simkuring.Hapunten bilih aya saur teu kaukur basa teu kareka atanapi ucap anu kirang dina larapna.


Wasslamualaikim.wr.wb

No comments:

Post a Comment